Titungtung Lembur Keneh

Titungtung lembur keneh barudak ngagimbung ngabring ngabring nu anyar datang, biasana nu sok di abring abring ku barudak teh mun aya tukang topeng monyet datang,sihoreng nu datang teh geuning rombongan "tok tok wow" anu di kokojoan ku selebritis Kusnet nu katelah kang Taopik H. Savalas.

Beja pabeja, beja yen kalembur eta aya grup tok tok wow datang oge nepi ka ceulina mang Sahim anu kaparengan keur dirorek ku bulu hayam. Najan keur peureum beunta ngararasakeun pelemna dirorek bulu hayam, ari ngadenge grup tok tok wow datang mah mani ngorejat terus ngagorowok kapamajikanana.

"Surtiii....gancang cokot cangkang sabun merek sikoboy,tuh aya patugas tok tok wow kadieu..!" mang Sahim hariweusweus. "Keheula atuh...ieu keur ngancingkeun kutang meni hararese kieu !" ceuk bi Surti bari terus ngojengkang kakamar mandi.

"Apana lumayan euy...aya sapuluh siki,mangkaning dina tivi ge lamun leuwih ti lima sok dibere saratus rebu !"

"Atuh mun kitu bisa ngebul..euy" Keur guntreng kitu diluar aya nu uluk salam, sihoreng patugas tok tok wow datang.

"Sampurasuuuuunnn!"

"Rampesss!" tembal mang Sahim

"Punten abdi saparakanca ti tim tok tok wow tea mang !" ceuk patugas bari ngasongkeun mik ka mang Sahim, nu saurang deui nyorotkeun kamera. Bi Surti uman imen gumeulis dihareupeun kamera, can acan dititah, bro cangkang sabun sikoboy digebrokeun ka patugas.

"Ke..ke...ke...punten bi...ayeuna mah nu ditaroskeun teh sanes cangkang sabun!"

"Nya naon atuh ?" bi Surti jebi rada hanjelu.

"Kumargi ayeuna bade tujuh belasan,simkuring saparakanca bade ngayakeun program PSK (Paraputra Simpay Katresna) tah kukituna upami bibi gaduh putra dua kenging hadiah lima puluh rebu,gaduh tilu kenging saratus rebu, upami langkung titilu sajalmina dietang dua puluh rebuan...ari ayeuna si bibi gaduh sabaraha urang putra teh ?"

Ngadenge kitu bi Surti nyenghel bari ret ka barudak anu ngagulung. "Upami percanten mah murangkalih anu tadi ngabring-ngabring bapa-bapa teh taya sanes pun anak !"

"Baruuukk...paingan atuh mani sarimbag jeung mandahna !" ceuk petugas tok tok wow bari ngareret ka mang Sahim, nu direret serengeh bari terus ngagorowok.

"Daaaak..gancang baris nek diitung yeuh !". Teu kungsi lila kurunyung aya aki-aki dipapayang ku opat urang awewe bahenol terus nyampeurkeun kapatugas...pok petugas nanya.

"Ki...ieu teh tuang putra sanes...meni gareulis kitu ?"

"Hiss..tong gagabah..ieu teh gacoan aki...tah nu pang mencrangna karek lima bulan ngadahup jeung aki!"

"Punten ki...sakali deui punten..nu bade dipasihan hadiah teh anu seueur putrana, sanes nu seueur garwana !" patugas tok tok wow mamandapan.

"Tuh pan saur abdi ge geuning titatadi, sanes polygami award... polygami award teu percanten... dasar mantangul !" ceuk eta opat awewe mani bareng bari ngagebutkeun siaki.(SR)

Sent by: e-ketawa posted on 04 July 2005