Diudag Pulisi

Keur anteng ngagebér motorna, Odoy ngareret kana spion ari breh teh ditukangeun aya saurang pulisi keur ngudag manehna. Najan haben dikalaksonan, Odoy jongjong ngagas motorna, teu malire da ceuk pamikirna teu rumasa ngalanggar. Dasar motor nu ditumpakan Odoy kaluaran taun heubeul, diuber ku motor king taun panganyarna, atuh ngan sasiet oge kaberik. Kapaksa Odoy eureun, dina hatena gogolono, pasti cenah urusan jeung pulisi mah ujung ujungna duit. Mangkaning dina dompetna ngan ukur dua puluh dua puluhna, eta ge meunang nyanyapa tina handapeun kasur basa samemeh indit.

"Aya naon pa, make nguber ka abdi ?" tanya Odoy bari mukakeun helem.
"Ari ujang teh tatangga bapa anu dilembur tea sanes ?" ceuk pulisi negeskeun

"Sanes, abdi mah teu gaduh tatanggi anu janten pulisi Pa !"
"Punten atuh ari sanes mah, eta we apal ka helemna, geuning sami jeung tatangga bapa, tadina mah bade wiat saur ka indung budak dilembur, yen bapa moal kalembur salami tilu dinten, aya dines !"

"Oh kitu nya !" ceuk Odoy nahan piseurieun.
Keur guntreng kitu kalalaran aya motor ngaliwat nu numpakna make helem persis pisan jeung nu dipake ku Odoy.

"Boa boa itu tatangga bapa mah, punten nya jang tos ngarerepot !" ceuk eta pulisi ngabius ngudag motor nu karek ngaliwat, bari haben kalaksona ditabeuh sapapanjang jalan.

"Salamet..salamet !" Odoy nyenghel bari ngusapan dompetna. (SR)

Sent by: e-ketawa posted on 04 July 2005