Kadenge Aya Toke Disada

Aslam keur ngalamun bari nangkeup tuur paromana siga nu bingung, keur kitu kadenge aya toke disada. Belenyeh manehna seuri kawas nu atoh.

Toke : "Tokeeeeeee !"
Aslam : "Nyandung !"
Toke : "Tokeeeeee!" (kawas nu nembalan )
Aslam : "Ulah !"
Toke : "Tokeeeeee!"
Aslam : "Nyandung !" ( bari seuri )
Toke : "Tokeeeeee!"
Aslam : "Ulah!" ( semu baeud )

Sajongjongan toke teh teu disada deui, Aslam kekerot, kahayangna mah toke teh disada deui sakali,cukup sakali wae. Tapi ditungguan mangjam jam weleh teu disada. Beledag panto imah ditajong. Teu dinyana dibalik panto asa sora.

" Tokeeeeeee!"

Aslam atoh langsung nembalan " Nyan...nyan...!"
Can acan parat ngomong, nu dibalik panto norojol pok ngomong,

"Nyandung jeung saha siah !" ceuk pamajikanana bari ngajiwir ceuli Aslam.

Sent by: e-ketawa posted on 04 July 2005