Buruan Cium Gue !

Lantaran panasaran ka pilem Buruan Cium Gue anu keur heboh lantaran adeganana matak ajol ajolan jajantung, si aki jeung si nini malem minggu kamari indit ka bioskop twentiwan nek lalajo. Dijero bioskop si aki teu ngiceup ngiceup ningali adegan anu keur silih lamot biwir, ari si nini mah jongjong we ngabeuweung borondong garing anu ditempat eta katelahna pop corn tea.

Balik lalajo si aki alewoh nyaritakeun deui adegan anu kungsi ditingali dina pilem eta.

"Nini asa kaingetan euy, pan salila urang bobogohan tug nepikeun kasakieu kolotna asana can ngasaan nu ngarana silih lamot biwir teh !" ceuk si aki mimiti kapangaruhan ku adegan pilem.
"Enya euy aki...kumaha mun urang nyalingker heula kanu poek !" tembal si nini satengah ngajalanan. Atuh teu diengkekeun deui dua duana terus nyalingker kanu poek. Dinu poek nu kadenge teh ngan ukur sora si nini semu ngaharoshos.
"Buruan cium dewek !"

Tilu jam tilu puluh menit tilu puluh detik, si aki jeung si nini kakara ting kulunu tinu poek, pok si aki nanya ka si nini.
"Nini....kumaha rasana euy ?"
"Ueudaannnn meennnn !" tembal si nini nurutan iklan energy drink.
"Niniii...ke..ke....rarasaan teh aya nu melag dina tikoro ?" ceuk si aki semu reuwas bari ngarancetan tikorona.
"Puguh nini ge keur reuwas ieu teh... huntu palsu nini luncat kamana nya?"

Sent by: e-ketawa posted on 03 July 2005