Tua Tapi Masih Ngabujang

Di hiji kampung, aya jalmi ngarana somad, umurna tos 39 tahun tapi masih ngabujang, sifatna jeung kalakuanana siga budak, kulantaran si ujang teh sapopoena sok nyieunan bandring jeung sok ngabandringan manuk. Ari emak na sok ngahawatirkeun keur masa depan nana kulantaran umur si ujang teh tos kolot.

Pas dinteun minggu isuk-isuk si somad jeung emakna keur didapur keur ngobrol:

Emak: "Mad ari maneh teh iraha rek kawin?"
Somad: "Ah engke weh ma! kalem.." (sabari ngoprek bandring)
Emak: "Yeh... ari maneh! Emak teh hayang boga incu mad!"
Somad: "Nya, ke ceuk somad oge!" (jongjon ngome bandring)
Emak: "Mad nyaho teu ari carana kawin teh?"
Somad: "Nyaho atuh mak, piraku weh... teu nyaho mah!"
Emak: "Kumaha coba carana?" (ngaharepkeun si somad nyaho)
Somad: "Kan kieu ma, kahiji.. Buka bajuna.."
Emak: "Terus..?"
Somad: "Kadua.. buka calanana.."
Emak: "Terus.. trus..?" (panasaran)
Somad: "Katilu.. pas katingali cangcut na.. euhhh.."
Emak: "Geningan pinter somad teh, terus terakhir na kumaha?"
Somad: "Ih nya enya atuh ma pinter, terus... cabak cangcut na.."
Emak: (sura-seri tos bungah) "Terus..!"
Somad: "Buka cangcutna, jieun bandring weh cangcutna!"
Emak: "Goblog siah.. budak teh ngagawean emak!"
Somad: (Cengar-cengir si teu boga dosa)

Sent by: Hendri Blink posted on 04 December 2014