Gingseng Pemere

Harita waktu kuring keur rineh diharepeun imah keur ngopi bari jeung udud daun kawung, teu ngahaja katingali aya hayam keur kawin meuni ku lila, dabiasana ari kawin hayam mah mun kawin ngan sajorelat, atuh puguh kukuring diperhatikeun saecesna. meuni heran teu kapikir ku akal. ah teu gujrud ka batur da era bisi jadi matak.

Poe isukna kitu deui eta hayam malah leuwih lila ti kamari, jadi kuring panasaran arek gujrud ka batur era bisi majarkeun mata karanjang kajeun ningali hayam oge.

Kitu jeung kitu deui eta hayam teh, kuring panasaran nya akhirna kuring betus bebeja ka kang Maman tatangga sabeulah imah, malah kang Maman oge panasaran naha bener omongan kuring kitu teh, naon anu jadi cukang lantaranna.

Sore na waktu kuring arek ka cai tukangeun imah ngarasa kaget, yen pelak gingseng anu dina kaleng urut biskuit pamere Kang Husin oleh oleh ti Korea tea geus burundul dipacokan hayam, euh pantesan hayam ge sakitu kuatna ngahakanan gingseng pelak kuring !

Sent by: Doddy Handdy posted on 22 June 2014