Baueun

Ceuk beja Nyi Uti sok salingkuh jeung si Udin, tatangga sakaligus mantan kabogohna, lamun salakina keur gawe di Jakarta. Padahal salakina Nyi Uti sakitu galakna, tukang mabok tukan nyabok, pokona sagala dikobok.

Hiji waktu Mang Usep, salakina Nyi Uti, rek indit deui ka Jakarta tapi hatena serba teu ngeunah, sieun pamajikan nana salingkuh. Untung otakna encer, menang akal jang nangkal supaya pamajikanna teu salingkuh.

Mang Usep tuluy ngagambar gajah dina pingpingna Nyi Uti pake spidol. Hulu gajah persih dina pingpingna, tapi gambar tulalena nyanghareup kana bobogaan Nyi Uti. Pikiran Mang Usep, lamun eta gambar kahapus artina pamajikan nana geus salingkuh.

Saenggeus ngagambar Mang Usep pamit rek gawe ka Jakarta, pamajikan nana ceurik pura-pura sedih, nutupan kabungah, na jeuro hate geus hayang geura salingkuh. Meuren geus sajam, salakina indit, si Udin geus dikamar Nyi Uti.

Tapi teulila kadenge salakina balik deui, ngetok panto bari jojorowokan. Si Udin rewas, tuluy kabur liwat dapur paranti jalan kabur. Tinggal Nyi Uti bingung, rurusuhan ngagambar tulale gajah nu grus kahapus basa tadi salingkuh, tapi gambar tulalena jadi rubah, lain nyangharap kana anuna malah ngulampreh kahandap.

Saeunggeus panto di buka, buru-buru Mang Usep mariksa pingpingna Nyi Uti, panasaran. Atuh sakitu jamotrotna bari nyentak Nyi Uti :

Mang Usep : "Uti geuning gambar tulalena jadi kahandap, lain kaluhur ?"

Nyi Uti geumeuteuran, tapi untung boga akal jang ngajawab.

Nyi Uti : "Akang, meureun baueun, jadi weh tulalena ngulampreh kahandap !"

Sent by: Rudi ana posted on 25 August 2008