Nyetak Foto Bapak Kades

Di hiji lembur aya nu ngaran su'eb, manehna di gawe jadi pasapon di kantor Desa dina hiji poe, mang sueb di piwarang nyetak foto ku Pa Kades.

Pa Kades: "Mang kadieu sakedap, bapa bade miwarang, kersa teu?"
Mang Su'eb: "Mangga Juragan,naon manawi padamelan abdi?"
Pa Kades: "Pangnyetakeun foto mang tah ka payun nya ukuranana 2 x 3 4 siki 3 x 4 6 siki."
Mang Su'eb: "Mangga juragan."

Gidig Mang Su'eb ka tukang Foto.

Mang Su'eb: "Jang pangnyetakeun foto nu pa Kades tah ieu ukuranan, mang sueb mikeun tulisan ti pa Kades."
Tukang foto: "Mangga mang antosan 1 jam nya."
Mang Su'eb: "Muhun mangga."

Sajam lilana mang su'eb ngadagoan foto pak Kades.Sanggeus beres tukang foto nyalukan,

"Mang ieu fotona, nu 2 x 3 5000, nu 3 x 4 10.000..."

Sakedapan mang sueb ngahuleng, teu kusi lila tumaros katukang foto.

"Naha ari ujang sakola henteu maenya aya 2 x 3 5000, 3 x 4 10.000 da mamang mah di ajar teh 2 x 3 mah = 6 ari 3 x 4 mah 12. Lieur ujang mah."

Tukang foto : "Zzzzzz lieur Mang Su'eb mah, maksudna mayarna maaaaaang. Lain hasilna dasar!!!"

Sent by: Endang Warsono posted on 24 June 2013