Salah Ngajalankeun Tugas

Juragan Oded direktur PT. CEULEUPEUNG balik tikantor ngajenghok lantaran ningali juragan istri nu katelah gan Onah keur ceurik ngabangingik bari terus ngadu ka salakina.

Juragan Istri :"Pih.. tadi si emang tukang kebon cunihin ka abdi, tapi saurna dipiwarang ku papih !".

Juragan Oded : "Naha kunaon kitu?” ( ngajawab nyalse terus muka dasi lorengna nu gagebay)

Juragan istri : â€oeAh pokona cunihin tur campelak ka dunungan, naha leres eta teh dipiwarang ku papih ?”

Juragan Oded : â€oeNaha da papih mah teu rumasa tutah titah nanaon ka simamang teh, ngan tadi rumasa ngomong kieu dina telepon teh : 'Mang lamun hujan, omat pangangkatkeun erok juragan istri, jeung asupkeun manukna… sakitu !'"

Sent by: e-ketawa posted on 04 July 2005