Ojeg Setan

Wanci geus nunjukeun jam salapan peuting, bi Ijah gura giru balik lantaran mun kapeutingan susah angkutan umum. Mun seug lain tatanggana nu kacilakaan,hoream cenah besuk karumah sakit peuting peuting. Geus satengah jam nagen disisi jalan can hiji hiji acan angkot ngaliwat, hatena tambah tagiwur lantaran hujan ngadadak ngagebret gede pisan, kapaksa bi Ijah nyalingker ngiuhan dihandapeun tangkal asem. Untungna hujan teh lila lila ngorotan, Teu kungsi lila, duka timana jebulna ujug ujug aya motor dihareupeun, nu numpakna langsung nawarkeun jasa .

"Bade kana ojeg ?" pokna teh.
"Ieu teh ojeg...? Mangga atuh !" bi Ijah semu nu asa asa.
"Ka Raja Galuh mang !"
"Mangga ! jawabna pondok

Ditengah jalan lamunan bi Ijah kumalayang,ras inget ka carita bi Ocoh nu nyaritakeun,yen dilemburna keur gujrud aya ojeg kajajaden,ceuk beja eta ojeg teh ririwana tukang ojeg anu tiwas ditelasan ku penumpangna. Bulu punduk bi Ijah beuki kedeplik lantaran sakeudeung deui bakal ngaliwatan kuburan tukang ojeg anu sok ngaririwaan tea.

"Boa boa nu ditumpakan teh, ojeg..ojeg...hih !" bi Ijah ngagibrig, katambah ti kajauhan hawar hawar aya sora anjing babaung. Najan sapapanjang jalan dirungrung ku kakeueung, tapi teu burung nepi ka lembur. Reg ojeg eureun dihareupeun imah, bi Ijah gura guru turun,terus kurah koreh kana dompet nek mayar ongkos, ngan kaparengan euweuh receh, song ngasongkeun duit saratus ribuan salambar. Gap ditampanan ku tukang ojeg, biur tukang ojeg langsung mabur. Bi Ijah kontan ngagorowok.

"Ojeeeeeekkkk Seeeetaaaaannnnn !"

Sent by: e-ketawa posted on 04 July 2005