Soto Campur

"Mang soto hiji...campur..!" saur om Teddy ka tukang soto.

"Mangga den..!" waler tukang soto gura giru ngaladangan, sor diasongkeun ka si om Teddy,habeg dihimel semu nu nikmat pisan, ngan waktu nek ngahuapkeun soto panungtung, om Teddy ujug ujug bunceulik molotot kana mangkok,terus ngagorowok ka tukang soto.

"Sing baleg euy jualan soto teh... tah deleh aya laler hejoan..jeung deui ieu naon deuih bet aya kode buntut, aya kuntung roko deuih !" ceuk om Teddy bari kurah koreh kana mangkok soto.

"Oh...tong bendu atuh den..namina ge soto campur, nya campur naon we sakapendakna." walon tukang soto teu kireum kireum.

Sent by: e-ketawa posted on 04 July 2005