Tu in Wan

Tukang jeruk : "Jeruk jareruk..jareruuuuuk, mangga nu bade.... jeruk Garut asli asak tina tangkalna sanes asak karbitan, dijamin keueut!"
Tukang Tahu : "Tahu..tarahu..tarahuuuuuuu, mangga nu bade...tahu Sumedang asli, curintik,karek nyat..dijamin pelem!"

Odoy : (bari culang cileng ) "Jeruk kabita hayang ngasaan, ningali tahu komo kumerot, ngan edas mun meuli dua dua teu boga jeung ongkos balik, ke.. ke...ari ieu tukang naon titatadi teu nawar nawarkeun, mang ieu icalan naon?"

Siamang : "Tahu rasa jeruk jang!"
Odoy : "Oh kaleresan atuh abdi meser sabongsang" (SR)

Sent by: e-ketawa posted on 04 July 2005